Selasa, 23 Februari 2016

WAYANG SUNDA (BUDAK BUNCIR)

Cerita wayang golek bahasa sunda, Budak Buncir - Dina hiji poé,  Hyang nyarékan Pandawa yén éta Pandawa jeung Kurawa téh  ti leuleutik hayoh wé silih arah pati, ti lelembur silih arah umur. Pan ceuk batur mah éta téh salah guruna, Hyang. Tah, solusina mah kieu wé, Pandawa jeung Kurawa wayahna kudu bébésanan. Gatotgaca urang tikahkeun jeung putri Astina, Déwi Lesmining Puri. Tapi tawaran ieu ditampik ku Gatotgaca. Saurna mah Gatotgaca téh can hoyong gaduh bojo, da can begér. Padahal umurna tos ±30 taun. Sabenerna mah Gatotgaca téh ngarasa paur, dibalik pajodoan ieu aya maksud anu lian ti Kurawa.
Ari Hyang jeung Pandawa keukeuh Gatotgaca kudu kawin. Puguh wé pakeukeuh-keukeuh. Terus Semar mamatahan Pandawa, tong sok mamaksa batur. Pék téh Semar diciduhan, terus ditajong. Daripada dipaksa kawin, Gatotgaca milih kabur. Hyang nitah Arjuna ngudag Gatotgaca, paksa kadieu deui.
Ahirna Gatotgaca kapanggih ku Arjuna. Arjuna jeung Gatotgaca duél. Arjuna éléh ku Gatotgaca. Gatotgaca kabur deui. Kaburna téh ka Partapan Tutugan Gunung Parasu. Sesepuh di partapan éta téh namina Merakgaca. Merakgaca mamatahan Gatotgaca yén ancurna hiji nagara téh kusabab budayana tos ancur. Jati kasilih ku junti. Jadi Aki Merakgaca ngadirikeun pasantrén supados nagara ieu teu ancur. Si Aki Merakgaca nyarios kitu kusabab ngira yén Gatotgaca badé néwak Aki gara-gara gaduh pasantrén. Padahal mah Gatotgaca ka partapan Aki téh bade nyuhunkeun panarawangan, badé ngabuktikeun dugaan Gatotgaca yén aya maksud liana tina pajodoan Gatotgaca jeung Déwi Lesmining Puri. Pék téh bener, tina hasil panarawangan Aki Merakgaca, Gatotgaca téh sabenerna mah rék diracun ku Kurawa. “Tuh nya pan bener firasat téh”, ceuk Gatotgaca.

 Terus Gatotgaca naros ka si Aki, “Saha atuh pijodoeun Abdi téh Ki?”. Si Aki ngajawab yén jodo na Gatotgaca aya di Kidul, di nagri Tirta Dahana. Namina téh Déwi Dahana Wati, putrid Raja Dahana Déwa. Tah di nagri Tirta Dahana nuju diayakeun sayémbara, saha anu bisa ngéléhkeun jago sayémbara rék ditikahkeun jeung Déwi Dahana Wati. Jago sayémbarana téh Patih Nagara Tirta Dahana, namina Tirta Sakti. Tapi Gatotgaca ragu kénéh bener teu sih jodo Abdi téh éta. Supaya bener-bener nguji kabeneranana, Gatotgaca di sulap ku Aki Merakgaca jadi pendék, hideung, hina, tapi jago kénéh gelutna, namina gé diganti jadi Budak Buncir.
Teu lila, Cépot jeung Pétruk datang, néangan Gatotgaca. Tapi da Gatotgaca na tos robah rupa, jadi Cépot jeung Pétruk teu kenaleun. Terus si Aki ngabéjaan Cépot jeung Pétruk yén Gatotgaca keur di kidul, di nagri Tirta Dahana, sigana mah keur lalajo sayémbara anu diayakeun di Tirta Dahana. Terus Cépot jeung Pétruk badé nyusul ka Tirta Dahana. “Engké heula, Aki badé nitipkeun putra Aki, ieu, si Budak Buncir. Hoyong lalajo sayémbara ceunah”. “Hayu atuh, asal tong ngérakeun”, ceuk si Cépot jeung Pétruk. Tiluan arangkat ka Tirta Dahana.

Selasa, 16 Februari 2016

SAJAK SUNDA



BUDAK PAHATU
Karya Yus Rusyana

Manuk kapinis ku naon teu hihiberan?
Henteu Elu, kuring keur reureuh
Hayang senang-senang di jero sayang 


Manuk kapinis ti mana basa tadi hihiberan?
Jauh Elu, nyaba ka itu ka gunung 


Manuk kapinis neangan naon ka gunung?
Dahareun Elu, ngarah awak teu teunangan 


Manuk kapinis naha di gunung papanggih jeung indung kuring?
Henteu Elu, henteu papanggih 


Budak pahatu teh indit
Leumpang mapay erel kareta
Diharudum samping butut
            Bari teu kendat nyambat indungna